2.
ASSALAMU ALAIKUM...WILUJENG SUMPING DI BLOG SIM KURING ANU SEDERHANA

PUISI SUNDA

                     Ka Nyeuri Ti Anjeun
karya :  ( Shinta,Chantika,Diana,Dena )
Teu terang naon masalahna
Teu terang naon kakuranganana
sareng teu terang naon salah abdi
anjeun tinggalkeun abdi
              Kanyaah abdi ka anjeun
              Ngalewihan kanyaah abdi ka diri sorangan
              Tapi kunaon ?
              kunaon anjeun tega ninggalkeun abdi ?
Cipanon teu tiasa di bendung deui,
Cipanon tuluy nyakclakan teu katahan
Nyeri, emang nyeri di khianatan ku anjeun
Tapi Hate, hate abdi masih tetep ka anjeun.
Kahirupan
karya : ( Nurlela dan kawan-kawan )
Hirup di dunya ngan saukur ngumbara
Ulah ngansaukur poya-poya
Da di dunya moal lila
Pasti bajak enggal sirna
              Dian Poe anu teu di sangka-sangka
              Urang boa di Cabut nyawa
              Sing tawakal urang salawasna
              Meh hirup isuk bagja waluya

Source : www.armifa-blog.blogspot.com


                                                                                 HIRUP

 Oleh Ato Paskal

Hirup lir ibarat lengkah
Sing ati ati tur tarapti
nincak ulah ngan saukur lengkah
bari komo jeung dudupak rurumpak
bisi manggih beling nu pastina bakal nygagk

              Hirup jeung kahirupan
              lir ibarat lengkah jeung tujuan
              lengkah merenah nu ku dilampah
              tinangku barokah tujuan
              nu ku urang baris kahontal

Panggoda dunya tong dijadikeun alasan
pikeun ngalengkah salah
lantaran bala tangtuna bakal karasa

              Kamajuan dunya
              kudu dibarengan ku motekar akal
              jeung lengkah nu basajan
              lengkah merenah kahirupa barokah

ANAKING
Oleh : Ato Suharto

Anaking...
regepkeun piwuruk ema hidep
sangkan hirup rahayu
jeng berkah tur bagja

              Anaking..
              tiru jeng gugu pasipatan ema
              sabab ciri sagala wanoja natra
              aya dina diri ema

Bapa bagja rumah tangga jeung ema
najan kadang sok manggih tunggara
ema tetep ngawula ka bapa
pinuh ku rasa katresna

              Anaking..
              hirupmah sadar jeung eling
              mun hideup mamawa wejangan ema
              bakal pasti salawasna eling

Anaking..
hideup geus nincak mangsa dewasa
omat ulah kagoda ku hawa dunya
nu kadang mawa cilaka

              Bapa jeung ema teu boga warisan banda pohara
              teu boga tanah nu lega
              komo deui emas permata

Bapak jeung ema ngan boga do'a
sangkan hideup hirup waluya
dibeungkeut ku iman jeung takwa
bekel urang ngumpul engke di surga

Tidak ada komentar:

Posting Komentar