2.
ASSALAMU ALAIKUM...WILUJENG SUMPING DI BLOG SIM KURING ANU SEDERHANA

Sabtu, 27 Juli 2013

sya'iran santri

     
assalamu alaikum
duh angin nu ngahiliwir
sampaikeun salam simabdi
iyeu sairan insani
nu mencintai ka santri
nu geulis kabina2
ngagoda mata jeng raga
lalakon duan manusia
nu awalna mika cinta
ka halang ku cita2
tah iyeu teh lalakona

hiji mangsa dinten jumat
abdi pamit arek angkat
nyiar elmu nu manfaat
supados luhur darajat
abdi teh di pamondokan
ngan ninggalkeun karinduan
di pisah ku kajauhan
cinta butuh pengorbanan
tos lami hanteu pateupang
sareng anjenna tersayang
anjen pendak jeng jajaka
kasepsna jiga arjuna
duh gusti abdi sengsara
micintai hiji wanoja
cinta abdi saleresna
di anggap cinta durjana
duh gusti abdi tulungan
hate nuju kanyerian
istri nu janteun pilihan
direbut kunu lian
dahar abdi teu mirasa
sare abdi henteu tibra
raga abdi rasa lara
sebab ngemutan anjeena
soca ngalirkn ci soca
abdi siga jalmi  buta
emutna sabana cinta
ahirna jadi nalangsa
iyeu serat janten harta
tulisan wawakil lisan
mugi gusti ngagentosan
ngilangkeun ka perhatinan
di gentos ku kabingahan
margi mung ukur ka gusti
sim abdi masrahkn diri
tina setan sareng jalmi
abdi wungkulkeun ka gusti

1 komentar: